Nulis Riwayat Hidup: Pedaran

Pangajaran 8
Nulis Riwayat Hidup
Baca sarta tengetan riwayat hidup (Biografi) di handap ieu!

Pedaran
Riwayat hidup atawa biografi téh nyaéta riwayat atawa lalakon hirup hiji jalma dina wangun tulisan. Biografi bisa dibaca dina buku anu dicitak ku penerbit, nyaéta biografi nu ngarang éta buku. Ilaharna di tulis di kaca panungtung, ataw dina jilid bagian tukang. Salian tulisan ogé ilaharna sok diwuwuhan ku potrét.
Sagédéngeun éta, urang ogé bisa maca buku anu husus ngaguar riwayat hirup hiji jalma. Kiwari geus loba ditarulis buku biografi jalma-jalma kasohor atawa jalma anu boga kalungguhan penting di masarakat. Dina buku biografi kawas kitu, urang bisa maca lalakon hirup hiji jalma kalawan gembleng; kumaha lalakon perjoangan hirupna, naon tujuan hirupna, sarta naon baé jasana pikeun kamaslahatan balaréa.
Lamun urang rék nyieun biografi, saméméhna kudu ngobrol atawa wawancara heula jeung jalma anu rék ditulis riwayat hirupna. Engké hasil wawancara ku urang kakara ditulis.

Pancén
Jieun hiji biografi kawas conto di luhur tina hasil wawancara. Saméméhna susun heula pananya pikeun ngawawancara tokoh nu rék di jieun riwayat hirupna!

[tina buku Sabasa 1A (Revisi) kaca 71 – 73]

Tinggalkan komentar

Belum ada komentar.

Comments RSS TrackBack Identifier URI

Tinggalkan komentar