Pangajaran 8
Nulis Riwayat Hidup
Baca sarta tengetan riwayat hidup (Biografi) di handap ieu!
Biografi 2:
ENGKOS KOSWARA, lahir tanggal 20 Juni 1965, di Cisarua, Bogor. Lulus ti SMP taun 1981 henteu bisa nuluykeun sakola lantaran kolotna ripuh teu bogaeun biaya, sanajan kitu Pa Engkos henteu putus asa. Manéhna satékah polah mekarkeun bakatna nyaéta nyieun barang-barang karajinan pikeun cnderamata. Lain meunang sakola atawa kursus bisa nyieun barang karajinan téh, tapi ku kadaékna sorangan.
Ku sabab leukeun jeung daria digawé, barang karajinan jieunan Pa Engkos tuluy kawentar. Rupa-rupa cinderamata jieunan Pa Engkos kayaning wayang, paparahuan, jeung patung bonéka kiwari geus nyebar ka mana-mana.
Tina hasil digawéna Pa Engkos bisa nyukupan kabutuh hirupna sapopoé sarta bisa nyakolakeun anakna. Di gigireun imahna di Cisarua ayeuna geus ngadeg sanggar, nyaéta tempat anu diancokeun pikeun sing saha baé anu hayang diajar nyieun barang karajinan. Taun 1998 manéhna milu dina paméran barang karajinan, sarta meunang penghargaan ti pamaréntah.
[tina buku Sabasa 1A (Revisi) kaca 71 – 73]
Tinggalkan komentar
Belum ada komentar.
Tinggalkan Balasan