Pangajaran 9
Ngaregepkeun Pupujian
Pupujian 3:
Anak Adam
Anak Adam anjeun di dunya ngumbara
umur anjeun di dunya téh moal lila
Anak Adam umur anjeun téh ngurangan
saban poé saban peuting dicontangan
Anak Adam paéh téh nyorangan
Cul anak salaki jeung babandaan
Anak Adam paéh euweuh nu dibawa
Ngan asiwung jeung boéh anu dibawa
Anak Adam pasaran téh lolongséran
Saban poé saban peuting gegeroan
Anak adam anjeun kaluar ti imah
Digotong dina pasaran tugenah
Aduh bapa aduh ibu abdi keueung
Rup ku padung rap ku lemah abdi sieun
Anak adam di kubur téh poék pisan
Nu nyaangan di kubur téh maca Qur’an
[tina buku Sabasa 1A (Revisi) kaca 77 – 80]
Iklan
9 Komentar
Comments RSS TrackBack Identifier URI
eling-eling dulur kabeh
ibadah ulah campoleh
beurang peutting ulah weleh
bisi kaburu paeh
hatur nuhun
sabab urang bakal mati nyawa dipundut ku gusti
matak kudu ati-ati, ibadah mah sing gumati
karasana keur sakarat nyerina kaliwat liwat
ka ibadah sok diliwat tara ngalakonan solat
kaduhung kaliwat langkung tara nyembah ka yang agung
ku malaikat urang dipentung make beusi anu hurung
hatur nuhun parantos ditambihan. Diantos tambihanana deui hehehe…
klo pupujian kan ada PARAFRASENA!
tpi dsini gga ada
jd cari d mana?
harus di buku yang memuat penuh, di blog ini hanya potongan saja
tolong di balas,krna bwt tgas sekolah.
maaf sekali tidak bisa bantu
sae pisan, pupujian anak adam ngingetkeun urang sarerea ka taneuh pangbalikan