Wayang Golék

Pangajaran 6

MACA (Maca Bedas)

Baca galantangkeun sing merenah lentongna!

WAYANG GOLÉK

Salah sahiji kasenian Sunda anu populér di masarakat urang kiwari nyaéta wayang golék. Komo sanggeus bisa disiarkeun dina radio jeung televisi, wayang golék beuki dipikaresep baé ku balaréa, boh di kota boh di pilemburan. Lamun sakalieun aya nu hajat nanggap wayang golék, nu lalajo téh ilaharna sok tumplek ti mana-mendi. Atuh tokoh-tokoh dina pawayangan apan geus dipikawanoh pisan ku masarakat urang, upamana baé Gatotgaca, Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cépot, jeung sajabana. Ieu hiji bukti yén kasenian wayang golék téh geus raket pisan jeung batin urang Sunda.

Wayang golék téh hiji pagelaran anu mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian, nyaéta seni sastra (lalakon), seni karawitan (gamelan) seni swara (sindén), jeung seni gerak atawa tari (gerak-gerik wayang)

Anu jadi lulugu dina pagelaran wayang golék nyaéta dalang anu pancénna ngalalakonkeun carita. Kamahéran dalang dina ngaguar carita, ngigelkeun wayang, nepikeun palasipah atawa ngabodor, ilaharna jadi takeran dipikaresep henteuna hiji pagelaran wayang ku nu lalajo. Ku lantaran kitu, dalang téh diperedih pisan kamahéranana dina rupa-rupa widang. Asép Sunandar Sunarya upamana, dalang anu kiwari kamashur, kalandep ku balaréa téh lantaran kamahéranana dina rupa-rupa widang kasenian sarta bisa ngasongkeun hal anu anyar.

Salian ti ngigelkeun wayang, dalang ogé ngagunakeun parabot séjén nyaéta campala jeung kecrék. Campala téh sabangsa palu anu sok ditakolkeun, pikeun ngantebkeun hiji omongan atawa hiji peristiwa anu keur dilalakonkeun. Ari kecrék pikeun ngantebkeun suasana, utamana dina adegan-adegan perang tanding.

Di sagédéngeun dalang, nayagaogé nyekel kalungguhan anu penting. Apan para nayaga pisan anu nabeuh gamelan téh. Waditra kasenian anu ilahar digunakeun dina wayang golék diantarana: kendang, goong, saron, bonang, jengglong, gambang, jeung rebab,

Carita anu keur dilalakonkeun ku dalang, sok diselang-seling ku sinden, nyaéta juru kawih (tukang ngawih) anu nembangkeun lalaguan. Ilaharna lagu anu ditembangkeun ku sindén luyu jeung peristiwa anu keur dilalakonkeun, upamana baé dina peristiwa pikasediheun sindén nembangkeun lalaguan anu sedih, jsb.

Carita wayang téh asalna mah ti India, babonna tina buku Mahabarata karangan Wiyasa jeung Ramayana karangan Walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan Pandawa jeung Kurawa anu marebutkeun nagara warisan karuhunna, tepi ka ahirna perang campuh di Tegal Kuruséta anu kawentar Perang Baratayuda. Ari Ramayang nyaritakeun Rama jeung Sinta. Dina Ramayana aya sempalan carita anu ngalalakonkeun Sinta diculik ku Rahwana, raja nagara Aléngka. Sabada peperangan, Sinta bisa dipimilik deui ku Rama sarta dititah labuh geni (ngaduruk manéh) pikeun ngabuktikeun kasucian dirina.

Sanajan asalna ti India, wayang téh geus jadi banda budaya Sunda. Ku lantaran kitu, salaku urang Sunda tangtu baé urang kudu mili ngariksa sangkan wayang golék tetep langgeng dipikaresep ku balaréa. Sakurang-kurangna urang kudu wanoh sarta mikaresep kasenian wayang golék.

(tina buku Sabasa 3A pikeun kelas 9 semester ganjil kaca 91 – 93)

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 3A (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran, Maret 2004.

Jawab Pananya di handap !

1. Naon buktina yén wayang golék dipikaresep ku masarakat urang?

2. Kasenian wayang golék téh mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian, naon baé?

3. Naon sababna dalang kudu mahér dina rupa-rupa widang kasenian?

4. Salian ti ngigelkeun wayang, dalang téh sok ngagunakeun parabot naon deuih? Naon gunana?

5. Ari nayaga naon pancénna? Waditra naon baé anu digunakeun dina wayang golék?

6. Ari sindén naon deuih pancénna?

7. Ti mana asalna carita wayang téh? Buku naon anu jadi babon (sumberna)?

8. Kumaha carana urang milu ngariksa kasenian wayang golék?

Tinggalkan komentar

Belum ada komentar.

Comments RSS TrackBack Identifier URI

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s