Téknologi Basajan Urang Sunda

Pangajaran 4

MACA (Maca Tenget)

Baca sing gemet!

TÉKNOLOGI BASAJAN

URANG SUNDA

Nu dimaksud téknologi téh nyaéta élmu anu patali jeung téknik barangjieun. Sakapeung urang salah kaprah, upama ngadéngé kecap téknologi, anu kapikir téh nyaéta barang-barang anu sarwa canggih atawa modéren. Padahal henteu kitu. Sakur anu aya patalina jeung téknik barangjieun bisa disebut téknologi. Upama baé nyieun témpé, nyieun korsi, atawa nyieun bata. Ieu ogé kaasup pagawéan anu ngagunakeun téknologi, disebutna téknologi basajan atawa sederhana. Tangtu baé cara-cara migawéna ogé henteu bangga sarta henteu merlukeun waragad anu gedé, béda jeung téknologi canggih.

Urang Sunda geus ti béh ditu mula katelah rancagé. Nyieun naon baé anu diperlukeun dina kahirupan sapopoé. Upamana baé nyieun parabot dapur, parabot keur tatanén, parabot keur barangala, jeung sajabana. Baheula mah parabotan téh lain meunang meuli, tapi meunang nyieun sorangan. Béda jeung ayeuna, parabot nu aya di imah téh umumna mah apan meunang meuli.

Pék titénan ku hidep ieu parabot jieunan urang Sunda:

Boboko téh wadah sangu atawa béas mun rék ngisikan. Dijieunna tina awi dianyam képang atawa géométris. Biasana bagian awi anu dipakéna téh hinisna. Aya ogé boboko anu dijieun tina hoé. Ukuranana (diaméterna) kira-kira 20 cm. Buleudanana diwengku ku awi sarta ditalian ku hoé. Bujurna maké soko.

Ranggap gunana pikeun ngurungan hayam, pangpangna hayam nu keur anakan atawa hayam anu matak melang lamun dikencarkeun. Dijieunna tina awi, aya nu dialus-alus aya ogé nu basajan, ngan kagunaanana mah sarua pikeun ngurungan hayam

Nepi ka ayeuna ranggap masih kénéh digunakeun, komo ku lobana nu resep ngingu hayam mah (hayam bangkok, bekisar, atawa hayam pelung), nyieun ranggap téh paalus-alus.

Sééng wangunna silinder rada néros. Jangkungna kira-kira 50 cm. Biasana dijieunna tina tambaga, tapi aya ogé nu tina kaléng. Tukang nyieun barang tina tambaga disebutna palédang.

Sééng téh gunana pikeun nyangu, (aseupan téh numpangna kana sééng). Mun teu kitu sééng téh sok dipaké kukuluban, kayaning ngulub jagong, cau, hui, jsb.

Lodong dijieunna tina awi guluntungan. Panjangna ilaharna 2 ruasan, kira-kira saméter. Tungtung beulah luhurna dicowak sarta sok maké tali tina hoé. Keur panyangklékna ogé sarua sok maké tali tina hoé.

Lodong sok digunakeun ku tukang nyadap, pikeun nandéan lahang tina leungeun kawung. Lamun teu kitu lodong sok dipaké wadah cai keur nu jauh ka sumur atawa tampian mah.

Wuluku mah pakakas paranti ngolah sawah, sok ditarik ku munding atawa sapi. Éta pagawéan téh disebutna ngawuluku, maksudna pikeun ngalembutkeun taneuh meunang macul. Wuluku dijieunna tina kai jeung ruyung. Bagian-bagianana aya nu disebut bubuntut, singkal, paseuk tanding, cacadan, jeung babantal.

(tina buku Sabasa 3A pikeun kelas 9 semester genap kaca 58 – 60)

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 3A (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran, Maret 2004.

Jawab Pananya di handap !

1. Naon anu dimaksud téknologi téh?

2. Ari téknologi basajan nu kumaha contona?

3. Naon bédana téknologi basajan jeung téknologi canggih?

4. Pék terangkeun deui ku hidep tina naon dijieunna jeung naon kagunaanana ieu pakakas di handap!

a. Boboko

b. Ranggap

c. Sééng

d. Lodong

e. Wuluku

5. Cing sebutkeun 5 rupa pakakas urang Sunda anu hidep apal, salian ti anu dipedar di luhur!

3 Komentar

  1. hahhahahhahaha ak bka ni bwat pelajaran sunda di sekolah

    • bagus…. memang blog ini disediakan salah satunya untuk kepentingan murid belajar

    • gpp sekarang buka untuk tugas di sekolah, nanti lagi karena ingin tahu okay… selamat belajar


Comments RSS TrackBack Identifier URI

Tinggalkan Balasan ke salma Batalkan balasan