Calung Tarawangsa

Pangajaran 7

MACA (Maca Bedas)

Baca galantangkeun, sing merenah lentong!

CALUNG TARAWANGSA

Tarawangsa téh méh sabangsa rébab atawa piul. Waditra kését anu gunana pikeun nambahan mamanis laras hiji lagu. Tarawangsa gé sarua maké kawat jeung pangését.


Tarawangsa dijieun tina kai anu sakurilingna ditutup kalawan rékép. Ngan di hareup, di bagian tengah, aya liang, kira-kira ukuran 7 X 7 cm. Aya beuheungan wéh, panjangna kira-kira 45 cm. Bédana jeung rebab, tarawangsa mah wangunna pasagi. Kitu deui pangésétna ogé béda. Tarawangsa mah pangésétna lain tina kenur, tapi tina injuk nu dilélésang ku arpus atawa menyan.

Kasenian tarawangsa nu aya di wewengkon Tasikmalaya ra béda jeung tarawangsa di daérah séjén. Tarawangsa nu aya di kampung Cigelap, Cibalong, Tasikmalaya sok diadumaniskeun jeung waditra séjénna umumna lagu buhun anu geus moal dipikawanoh ku barudak ayeuna. Aya lagu anu teu meunang sagawayah ditembangkeun, nyaeta lagu Ayun jeung lagu Pangungsi. Ieu lagu dianggap sakral. Ditembangkeunna ngan dina upacara anu tangtu, upamana dina ngaruat panén, ampih paré, jsb. Ari lalguan nu séjénna kayaning Pingping Konéng, Sangray Muncang, Cipinang, Manuk Héjo atawa mulang, sok ditembangkeun dina acara hajat nyunatan atawa ngawinkeun.

Calungna ogé béda jeung calung nu ilahar. Henteu bisa dijingjing da masangna ditalian, ngajéjér, dina raraga kai. Méh kawas arumba, ngan ieu mah ditalian. Di wewengkon séjén mah nu kitu téh disebutna calung rénténg.

Ceuk katerangan kokolot di Cigelap, kasenian tarawangsa téh geus dipikawanoh ti béh ditu kénéh. Aya nu nyebutkeun kira-kira ti abad ka-12. Basa anu dipaké dina lalaguanna ogé apan basa Sunda buhun.

Sanajan kaasup kasenian buhun, calung Tarawangsa ti Cigelap hirup kénéh tepi ka kiwari. Sok aya kénéh nu nanggap di lembur-lembur sabudeureun Tasik. Dina taun 60-an tepi ka 70-an mah ieu kasenian téh dipikaresep pisan ku masarakat.

(tina Sabasa 3B pikeun kelas 9 semester genap kaca 11 – 12)

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 3B (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran,Nopémber 2004.

Jawab Pananya di handap !

1. Terangkeun naon nu dimaksud kasenian Calung Tarangsa téh?

2. Naon cenah bédana kasenian Tarawangsa nu aya di cigelap jeung tarawangsa di daérah sejenna?

3. Naon nu disebut sindén téh?

4. Lalaguan naon baénu teu meunang sagawayah ditembangkeun? Naon sababna?

5. Sebutkeun lalaguan anu sok ditembangkeun dina acara hajat nyunatan atawa kawinan!

6. Calung Tarawangsa béda jeung calung nu ilahar. Naon cenah bédana?

7. Ti iraha mimiti ayana kasenian Tarawangsa di Cigelap téh?

8. Naon sababna kasenian Tarawangsa disebut kasenian buhun?

9. Iraha kasenian Calung Tarawangsa dipikaresep pisan ku masarakat?

10. Beuki dieu kasenian-kasenian tradisional téh kurang dipikaresep ku masarakat, cing kira-kira naon sababna?

Tinggalkan komentar

Belum ada komentar.

Comments RSS TrackBack Identifier URI

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s