Kamekaran Penca di Tatar Sunda

Pangajaran 11

MACA (Maca Ngilo)

Baca ieu wacana sing tepi ka paham eusina!

KAMEKARAN PENCA DI TATAR SUNDA

Di urang mah penca téh geus teu bireuk deui, babakuna keur urang sunda. Lamun aya nu hajat nyunatan sok nanggap kendang penca. Upama kendang penca geus ditabeuh, di pakalangan so aya nu ngibing dipirig ku kendang penca, tarompét, jeung kempul. Wirahmana aya nu disebut tepak dua, tepak tilu, parérédan, golémpang, jeung padungdung. Seni penca ieu téh aya nu nyebut penca kembang aya ogé nu nyebut penca ibing.

Ari penca téh asli milik urang Sunda, atawa lain?

Saenyana ayeuna mah geus lain milik urang Sunda wungkul, tapi geus walatra nyebar di sakuliah Indonésia. Sanajan kitu seni penca mémang ti tatar Sunda asalna.

Di masarakat Sunda dipikawanoh rupa-rupa wanda penca; aya Cimandé, Cikalong, Timbangan, Séra, jeung Sahbandar. Kiwari henteu ngan ukur dipikaresep ku urang Sunda wungkul, tapi ogé geus dipikawanoh jeung dipikaresep ku bangsa deungeun, malah geus nyebar ka sakulian dunya. Paguron penca dug-deg di saban nagara saperti di: Australia, Walanda, Jérman Barat, Amérika Serikat, Kanada, Perancis, Inggris, jeung nagara lianna.

Naha bangsa deungeun bet resepeun kana penca?

Sigana baé lantaran dina penca aya tilu unsur, nyaéta olah raga, seni, jeung palsapah anu luhung. Ditingal sacara fisik, gerakan penca tangtu bakal nyéhatkeun awak urang. Unsur senina bisa katiténan tina gerakan-gerakanana, lalaguan pamirigna, jeung cara ngamaénkeun pakarangna. Tah, dina palsapahna mah jalma nu nyuprih élmu penca kudu boga sipat jujur, handap asor, jauh tina sipat sombong jeung asa aing pangunggulna. Kudu ngabogaan sipat nyaah ka sasama deuih, utamana ka jalma séjén, tapi sabalikna keur ngajaga diri sorangan jeung nulungan nu lian.

Ti iraha mimiti aya penca di urang téh?

Anu pangheulana aya téh nyaéta penca Cimandé. Gelarna kira-kira dina abad ka-18. tokohna nyaéta Abah Kair urang Rangkong, Kuningan. Abah Kair ieu téh kungsi guguru di Galuh, terus ka sumedang. Ti dinya pindah ka Bogor. Ahirna matuh dumuk di Cimandé, nu matak aya penca nu disebut aliran Cimandé.

Aya deui aliran penca Cikalong. Penca Cikalong mah leuwih anyar lamun dibandingkeun jeung Cimandé. Mimiti nyebarna kira-kira abad ka-19 ahir. Tokohna nyaéta R. Jaya Perbata atawa R.H. Ibrahim. Anjeunna urang Cikalong Cianjur, nu matak disebut aliran Cikalong gé. Saméméhna kungsi guguru heula ka daérah séjénna diantarana ka Aténg Alimudin urang Jatinagara.

(tina Sabasa 3B pikeun kelas 9 semester genap kaca 79 – 81)

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 3B (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran,Nopémber 2004.

Jawab Pananya di handap !

1. Naon sababna kiwari mah penca téh lain milik urang Sunda wungkul?

2. Bangsa deungeun ogé resepeun kana peca. Naon sababna?

3. naon cenah palsapah penca téh?

4. ti iraha mimiti aya penca di urang?

5. Cing sebutkeun aliran-aliran penca jeung tokoh-tokoh anu ngamekarkeunana!

Tinggalkan komentar

Belum ada komentar.

Comments RSS TrackBack Identifier URI

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s