Wisata Budaya

Pangajaran 9

MACA (Maca Bedas)

WISATA BUDAYA

Kagiatan wisata budaya téh lain ngan ukur ulin ka tempat anu pamandangan alamna éndah. Kadieunakeun beuki loba jalma anu ngajugjug ka tempat-tempat wisata anu ngandung ajén budaya. Tempat wisata saperti kieu lain kaéndahan alamna anu rék ditéangan téh, tapi kaahéngan atawa kaunikan budaya nu aya di éta tempat.

Di Tatar Sunda loba pisan tempat-tempat anu bisa dipaké wisata budaya téh upamana baé Baduy atawa Kanékés di Kabupatén Lebak jeung Kasepuhan Ciptarasa di Kabupatén Sukabumi.

Tempat wisata di Tatar Sunda anu séjénna anu ngandung ajén budaya kawas kitu, nyaéta Kampung Naga di Kabupatén Tasikmalaya. Ngaranna ogé geus ahéng. Siga-siga nyokot ngaran tina oray sukuan bari sungutna ogé murakeun seuneu, nu sok aya dina dongéng atawa dina filem téa.

Teu saeutik anu ngaradon ulin ka Kampung Naga téh. Keur mah tempatna babari kadongkang, katambah-tambah ieu tempat matak ngahudang kapanasaran. Nu daratang ka dinya, ti mimiti ilmuwan, mahasiswa anu ngayakeun panalungtikan, tepi ka turis doméstik jeung turis asing.

Kampung Naga téh perenahna di Désa Néglasari Kacamatan Salawu, Tasikmalaya. Liliwatan jalan Tasik-Garut. Ti sisi jalan gedé téh ukur 500 méter ka lebak, sisi walungan Ciwulan.

Jumlah imah di ieu kampung aya 108 suhunan (kaasup masjid jeung Bumi Ageung), teu nambahan teu ngurangan. Ceuk katerangan Ki Aténg, kuncén di dinya, jumlah imah sakitu téh lain ceuk adat kudu sakitu, pédah wé teu aya deui lahan.

Imah di Kampung Naga wangunna tradisional kénéh. Sakabéh imah perenahna manjang ti kulon ka wétan. Hateupna lain ku kenténg, tapi ku hateup eurih campur injuk. Imah téh kabéh ogé dijieun tina bilik jeung kai anu jumlah tihangna lima. Hiji ogé teu aya imah anu dijieun tina témbok. Naon sababna? Lantaran urang Kampung Naga hayang miara adat karuhunna.

Salian ti tukuh kana adat, urang Kampung Naga ogé pohara ngutamakeunana kana kaséhatan. Upamana baé wangunan imah anu nyangirah ti wétan ka kulon, maksudna keur ngajaga kaséhatan nuturkeun perjalanan panonpoé. Mun isuk-isuk, bakal nampa hawa beresih. Kitu deui di Kampung Naga urang moal manggihan jamban atawa pacilingan di jero atawa di gigir imah. Pamandian jeung pacilingan téh dijieunna di walungan, lantaran cenah imah kudu jaun tina tempat kokotor.

Pikeun ngajaga alam sabudeureun, di Kampung Naga ogé aya nu disebut leuweung larangan. Ieu leuweung perenahna di tonggoheun walungan Ciwulan, legana welasan héktar. Ieu leuweung té diriksa ku saréréa ngarah henteu ruksak, maksudna minangka sumber cai. Lamun leuweung tetep dipiara, sumber cai moal saat sarta dina usum hujan moal banjir.

(tina Sabasa 2B pikeun murid kelas dalapan semester genap, kaca 43 – 45)

Jawab Pananya di handap !

1. Naon sababna ka Kampung Naga sok loba anu ngadeugdeug?

2. Saha baé cenah nu sok daratang ka Kampung Naga téh?

3. Di mana perenahna Kampung Naga téh?

4. Saha anu jadi kuncén di dinya?

5. Aya sabaraha suhunan imah di éta kampung? Naon sababna jumlahna henteu robah?

6. Urang Kampung Naga hayang miara adat karuhunna. Naon buktina?

7. Urang Kampung Naga ogé ngutamakeun kaséhatan. Naon contona?

8. di Kampung Naga aya nu disebut leuweung larangan. Naon mangpaatna?

9. Naon balukarna lamun leuweung diruksak?

10. Salian ti Kampung Naga, wewengkon mana deui anu kahirupanana masih kénéh tradisional?

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 2B (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran, 2004.

Tinggalkan komentar

Belum ada komentar.

Comments RSS TrackBack Identifier URI

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s