Koléksi Kebon Raya Loba nu Leungit

Pangajaran 6

MACA (Maca Ngilo)

Baca ieu wacana sing imeut!

KOLÉKSI KEBON RAYA LOBA NU LEUNGIT

Sawatara waktu katukang Kebon Raya geunjleung lantaran aya nu rék ngali harta karun anu cenah dipendep deukeut kuburan nu aya di Kebon Raya. Untungna éta jalma téh tuluy kacerek ku pulisi.

Sabenerna peristiwa kitu téh mindeng kajadian, ngan biasana mah anu rék maraling tutuwuhan. Sawatara taun katukang Kebon Raya Bogor kungsi geunjleung deuih ku leungitna Taraté Raksasa (Victoria Amazonica), lantaran aya nu maling. Mangkaning Taraté Raksasa téh pikeun di nagara urang mah masih kénéh kaasup tutuwuhan langka. Ayana ngan ukur di kulah Istana jeung kulah Kebon Raya Bogor. Ku kituna teu matak héran lamun jadi bahan carita balaréa. Tapi ku karancagéan patugas jeung rayat, éta taraté téh bisa kapanggih deui katut nu malingna bisa kacerek.

Sabenerna koléksi Kebon Raya anu leungit téh lain ngan saukur éta-étana, tapi réa rupana, utamana tutuwuhan nu aralus tur karék ceb dipelak. Malah rumah kaca Angkrék mah kaasup pangseringna kaasupan bangsat téh. Ngan waé arang nu tepi ka hasil, lantaran kaburu kabetahkeun ku Satpam nu tugas peuting.

Kembang Bangké (Amorphophallus Titanum Becc.) nu aya di Kebon Raya Bogor geus taya nu gedé, lantaran beutina réa nu buruk. Hal ieu can kapaluruh naon nu jadi sababna. Naha mémang kaayaan lingkunganana geus teu cocog, atawa aya hama atawa kasakit anu ngan ukur resep narajang kana beuti Amorphophallus Titanum, da ari marga Amorphophallus lianna mah teu sakara-kara. Kaayaan kieu teh sabalikna jeung Taraté Raksasa, najan cai kulahna kotor lantaran ti susukanana ogé geus sakitu hideung jeung bauna, hirupna masih bisa subur bari ngarekahan.

Sawatara waktu katukang, Kembang Bangké nu kakara sababaraha bulan dipelak geus aya nu maling. Tangkalna (gagang daun) ditunda teu jauh tina urutna, ari beutina mah dibawa ka mana boa. Tétéla kaayaan Kembang Bangké di Kebon Raya kiwari matak pikasalempangeun. Kawasna baé geus meujeuhna aya panalungtikan anu daria ti para ahlina, malar ieu kembang nu jadi kameumeut sakumna masarakat téh bisa hirup sakumaha mistina, jadi pangeusi Kebon Raya.

Lain ngan ukur Taraté Raksasa jeung Kembang Bangké baé tutuwuhan langka nu jadi inceran para ahli ceceremed téh, dalah jenis Palem ogé nu kaasup alus mah loba nu leungit ku nu maling. Contona Palem jenis Chamaedorea Erumpens pangiring ti Amérika Tengah. Di Kebon Raya ngan aya hiji-hijina, tur umurna geus 13 taun, pédah wé tangkalna leutik jeung pendék. Ieu ogé geus leungit dirabut ku bangsat. Nya kitu deui jenis Balaka sp, ieu ogé kiriman ti luar negeri tur ngan satangkal-tangkalna.

Lamun dijumlahkeun tina jenis Palem wungkul, nu leungit téh kurang leuwih aya 23 tangkal (20 jenis). Ieu téh dina jero sataun. Kumaha ari koléksi lianna? Sarua baé, réa koléksi tina rupa-rupa famili laleungitan ku nu maling, utamana anu karék ceb dipelak.

Kajadian sarupa kieu téh mangrupa dampak négatif tina réana nu mikaresep kana tanaman hias. Teu mustahil leuweung-leuweung ogé geus réa nu ruksak, alatan réana jalma nu tingalasruk néangan tutuwuhan nu aréndah tur payu dijual.

Ku kituna, pikeun nu mikaresep kana tanaman hias, geus cukup urang ngarasa sugema ku pepelakan nu geus aya. Ulah kudu hayang paalus-alus tanaman langka ngarah géngsi urang ningkat. Lantaran kitu peta téh tétéla gedé mamalana. Buktina koléksi Kebon Raya réa nu leungit, padahal éta téh mangrupa bahan pikeun panalungtikan jeung kamekaran paélmuan Botani di nagara urang.

(tina buku Sabasa 2A kaca 107- 109)

Jawab pananya di handap !

1. Naon sababna waktu Taraté Raksasa di Kebon Raya aya nu maling jadi geunjleung?

2. Tutuwuhan anu kumaha cenah anu mindeng dipaling téh?

3. Akibat tina naon tutuwuhan di Kebon Raya Bogor réa nu leungit téh?

4. Ceuk hidep kira-kira kudu kumaha ngungkulanana sangkan tutuwuhan di Kebon Raya henteu laleungit?

5. Cing terangkeun naon sababna tutuwuhan di Kebon Raya téh penting kudu diriksa!

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 2A (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran, 2004.

Tinggalkan komentar

Belum ada komentar.

Comments RSS TrackBack Identifier URI

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s