Kamekaran Kasenian Degung

Pangajaran 5

MACA (Maca Tenget)

Baca ieu wacana sing tenget!

KAMEKARAN KASENIAN DEGUNG

Pikeun urang Sunda mah kasenian degung téh geus teu bireuk deui. Kadieunakeun malah beuki populér baé ieu kasenian téh. Geus prah di mana-mana, lamun aya nu hajat geuning nu ditanggapna téh sok kasenian degung. Nu matak munasabah lamun degung beuki dieu beuki dipikawanoh jeung dipikaresep baé ku urang Sunda.

Di saban wewengkon ayeuna geus loba diadegkeun grup-grup degung. Atuh di Bogor nya kitu deui. Numutkeun data ti Dinas Kebudayaan & Pariwisata Kota Bogor, aya 37 sanggar seni anu ayeuna hirup téh tur umurna ngabogaan gamelan degung. Atuh lingkung seni anu kawentar apan “Getar Pakuan”, lingkung seni bogana Pemkot Bogor, pingpinan Bapa Sobur Anwar anu ti béh ditu kénéh milu mekarkeun kasenian degung di Bogor.

Ti iraha mimiti gumelarna kasenian degung téh?

Numutkeun sajarahna, degung mimiti dipikawanoh ku urang Sunda dina ahir abad ka-18 atawa abad ka-19. mimitina saukur hirup di lingkungan para ménak jeung kadaleman wungkul. Kecap degung, cenah mangrupa basa kirata, tina ngadeg jeung agung atawa pangagung (dalem, ménak), anu ngandung harti yén ieu kasenian téh digunakeun pikeun kaagungan martabat para ménak jeung pangagung. Aya deui nu nétélakeun yén kecap degung téh lahir tina kanyataan, yén ieu gamelan ngan ukur dipiboga ku para pangagung (dalem)

Sala saurang pangagung anu gedé jasana dina mekarkeun kasenian degung nyaéta R.T. Wiranatakusumah V, bupati Cianjur. Nalika anjeunna pindah jadi Bupat Bandung taun 1920, gamelan degung ti pendopo Cianjur dibawa pindah ka Bandung katut para nayagana anu harita dipingpin ku Bapa Idi.

Jaman harita mah waditra degung téh ngan ukur bonang, saron, jengglong, jeung goong. Ku Bapa Idi, waditrana tuluy ditambahan ku kendang jeung suling.

Sabada Bapa Idi pupus dina taun 1945, kasenian degung méh-mehan pareum. Eukeur mah mangsa harita apan nagara urang keur meumeujeuhna harénghéng ku revolusi fisik, rahayat sangsara di mana-mana. Degung kakara bisa mekar deui dina taun 1954 ku jasa Moh. Tarya, Ono Sukarna, jeung Encar Carmédi. Salian ti ngasongkeun lalaguan nu geus aya, ieu nu tiluan téh nyiptakeun ogé lalaguan anyar. Ti mimiti taun 1956, degung mimiti disiarkeun ku RRI Bandung tur meunang pangbagéa anu hadé ti masarakat.

Ti taun 1970-an kasenian degung beuki populér, dimekarkeun deui ku para seniman Sunda, upamana baé Nano S., Euis Komariah, Kustyara, jeung Ujang Suryana.

Ayeuna kasenian degung lain ngan ukur populér di nagara urang baé. Di mancanagara ogé ieu kasenian téh diarulik ku pra musisi anu mikacinta kana seni Sunda. Di University of California upamana, aya lingkung seni degung “Pusaka Sunda”. Atuh di Inggris, Rachel Swindell jeung para mahasiswana nyieun lingkung seni anu ngahususkeun ngulik degung. Kitu deui di Jepang jeung di Kanada teu saeutik para mahasiswa anu kataji ku ieu kasenian.

Jadi tétéla kasenian Sunda téh henteu tinggaleun jaman tur teu éléh ajénna ku kasenian bangsa deungeun. Meujeuhna lamun urang kudu ngarasa reueus tur milu ancrub miara jeung mekarkeunana.

(tina buku Sabasa 2A pikeun kelas 8 semester katilu, kaca 90 – 92)

Jawab pananya di handap!

1. Di Bogor aya lingkung seni anu kawentar. Naon ngaranna, saha pingpinanana?

2. Tina kecap naon asalna degung téh, naon hartina?

3. Saha ari Pa Idi téh? Naon jasana dina mekarkeun kasenian degung?

4. Naon sababna dina taun 1945-an kasenian degung méh-mehan pareum? Saha anu ngahirupkeun deui?

5. Urang kudu reueus sarta kudu miara kasenian degung, naon sababna?

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 2A (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran, 2004.

Tinggalkan komentar

Belum ada komentar.

Comments RSS TrackBack Identifier URI

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s