TATAPAKAN, mangrupa pabukon ĕlĕktronik dina wangun kumpulan bahan ajar pikeun cecekelan boh murid boh guru dina ngalaksanakeun pembelajaran di sakola.
Pikeun anu tos lulus ti bangku sakola ĕtang-ĕtang pangĕmut-ngĕmut nalika nyukcruk pangaweruh di mangsa katukang.
Wilujeng….
Aya sababaraha bagian tema bahasan salian ti tatapakan; Nyaeta:
1. Tetekon
2. Kandaga Rasa
3. Geugeusan
November 17, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
November 15, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
Pangajaran 9
Ngaregepkeun Pupujian
Pedaran
Pupujian téh wangun puisi anu ilaharna sok ditembangkeun di masjid saméméh solat pardu. Cara ngalagukeunana biasana sok béda-béda, kumaha kabiasaan di masing-masing wewengkon. Eusina umumna mangrupa pupujian ka Alloh atawa solawat ka Nabi.
Jawab pananya di handap !
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: & Komentar
Pangajaran 9
Ngaregepkeun Pupujian
Pupujian 3:
Anak Adam
Anak Adam anjeun di dunya ngumbara
umur anjeun di dunya téh moal lila
Anak Adam umur anjeun téh ngurangan
saban poé saban peuting dicontangan
Anak Adam paéh téh nyorangan
Cul anak salaki jeung babandaan
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
Pangajaran 9
Ngaregepkeun Pupujian
Pupujian 2
Pupujian Kanjeng Nabi
Gusti urang sadayana
Kanjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qures nya bangsana
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
Pangajaran 9
Ngaregepkeun Pupujian
Pupujian 1:
Illahi lastu lil firdaus
Illahi lastu lil firdausi ahla
walal aqwa ‘ala naril jahimi
Fa habli taubatan wagfir dzunubi
fa innaka gofiru danbil ‘adzzimi
Héh Pangéran abdi sanés ahli surga
naging henteu kiat nandangan naraka
Mugi Gusti nampi kana tobat abdi
ngahapunten kana kalapatan diri
[tina buku Sabasa 1A (Revisi) kaca 77 – 80]
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
Pangajaran 8
Nulis Riwayat Hidup
Baca sarta tengetan riwayat hidup (Biografi) di handap ieu!
Pedaran
Riwayat hidup atawa biografi téh nyaéta riwayat atawa lalakon hirup hiji jalma dina wangun tulisan. Biografi bisa dibaca dina buku anu dicitak ku penerbit, nyaéta biografi nu ngarang éta buku. Ilaharna di tulis di kaca panungtung, ataw dina jilid bagian tukang. Salian tulisan ogé [...]
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
Pangajaran 8
Nulis Riwayat Hidup
Baca sarta tengetan riwayat hidup (Biografi) di handap ieu!
Biografi 2:
ENGKOS KOSWARA, lahir tanggal 20 Juni 1965, di Cisarua, Bogor. Lulus ti SMP taun 1981 henteu bisa nuluykeun sakola lantaran kolotna ripuh teu bogaeun biaya, sanajan kitu Pa Engkos henteu putus asa. Manéhna satékah polah mekarkeun bakatna nyaéta nyieun barang-barang karajinan pikeun cnderamata. [...]
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
Pangajaran 8
Nulis Riwayat Hidup
Baca sarta tengetan riwayat hidup (Biografi) di handap ieu!
Biografi 1:
ALDA RIZMA ELFARIANI, LAHIR DI Bogor, 23 Nopémber 1982. putra cikal ti dalapan sadulur, ti pasangan Pa Farid Riza sareng Ibu Halimah.
Saméméh umur 17 taun, karir Alda dina dunia musik geus melesat sakaligus kawas météor. Lagu Aku Tak Biasa (1998) bisa kajual tepi [...]
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
Pangajaran 7
Maca Paguneman
Baca galantangkeun ku duaan paguneman (dialog) di handap ieu
Paguneman 2:
RÉK DIAJAR INTERNÉT
Agus : Gin, tos bérés pr BASA Sunda ngadamel kliping téh?
Gigin : Acan. Hésé milarina, Gus. Mangkaning anu dikliping-
keun téh saur Pa Anda kedah berita anu eusina informasi
wisata di Bogor. Ari Agus kumaha, atos?
Agus : Tos bérés Agus mah tikamari gé.
Gigin : [...]
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar