Maca Paguneman: LATIHAN KABARÉT

Pangajaran 7
Maca Paguneman
Baca galantangkeun ku duaan paguneman (dialog) di handap ieu

Paguneman 1
LATIHAN KABARÉT

Popi : Yun, badé angkat ka mana sih, mani rusuh kitu?
Yuni : Éh, badé ka sakola, Pop. Badé latihan kabarét. Puguh
siang teuing Yuni téh. Kedah mah tabuh 9.00 tos kem-
pel di sakola. Mangkaning nu kasiangan sok dipiwarang
push up heula Baca lebih lanjut

Ngaregepkeun Dongéng: Sireum jeung Gajah

Pangajaran 6
Ngaregepkeun Dongéng
Baca galantangkeun ku salah saurang di hareupeun kelas dongéng di handap!

Sireum jeung Gajah

Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana, ngaliwat kana alur jajalaneun gajah. Keur ramé ngarak, jol datang gajah. Sireum nu sakitu keur nakleukna téh, teu antaparah deui, leyé-leyé baé ditincakan, bongan cenah maké ngaliud di jajalaneun. Atuh lain ratus deui, tapi aya rébuna sireum anu paéh téh.
Barang raja sireum ningal baladna réa nu paéh, kacida ambekna, tuluy susumbar, “Éh Sakadang Gajah, sato nu telenges, nu teu boga ras-rasan ka papada mahluk, rasakeun pamales ti kami. Ulah adigung asa aing. Engké di Jumaah Kaliwon, urang perang tanding jeung kami!”
Walon gajah bari seuri, “Rék ngajago Sakadang Sireum téh? Lamun enyaan, hég ku kami didagoan! Di mana hayang perang téh?” Baca lebih lanjut

Pedaran

Pedaran

Bacaan anu tadi dibaca ku hidep téh eusina wawaran. Dina basa Indonésia wawaran téh disebutna pengumuman, nyaéta anu ditepikeun ka jalma réa, boh ku lisan boh ku tulisan. Wawaran lisan conto séjénna anu sok ditepikeun saréngsé upacara. Ari wawaran tinulis bisa kapanggih upamana baé dina papan pangumuman, dina koran atawa majalah.
Basa anu digunakeun dina wawaran ilaharna singget sarta jéntré (jelas), tara papanjangan nyaritakeun anu teu penting. Baca lebih lanjut

Nepikeun Wawaran: Wawaran 2

Pangajaran 5
Nepikeun Wawaran
Baca galantangkeun di hareupeun kelas ieu wawaran di handap!

Wawaran 2:

Assalamu’alaikun Wr. Wb.
Hatur uninga ka sadayana, saréngséna ulangan umum, di sakola urang rék diayakeun kagiatan Porseni. Ieu kagiatan téh badé lumangsung salami genep dinten, ti kaping 21 tepi ka 26 Nopémber. Baca lebih lanjut

Nepikeun Wawaran: Wawaran 1

Pangajaran 5
Nepikeun Wawaran
Baca galantangkeun di hareupeun kelas ieu wawaran di handap!

Wawaran 1:

Parawargi warga RT 03!
Sakumaha nu kauninga, dina danget ieu warga di lingkungan urang parantos aya tiluan anu katerap panyakit “demam berdarah”.
Kantenan baé urang kedah énggal-éngal nyegah ieu panyakit sateuacan nyebar ka mana-mana. Upami diantep tangtos bakal beuki seueur warga anu janten korban.
Jalaran kitu, énjing dinten Minggu tabuh dalapan, sakumna warga di lingkungan RT 03 kedah ngiring kagiatan gotong royong beberesih. Urang badé meresihan solokan sareng tempat-tempat anu biasa dipaké tempat nyayang reungit. Sakantenan éta tempat-tempat reungit téh ku urang badé disemprot nganggo DDT supados reungitna musna sama sekali.
Sakumna warga mugi nyandak parabot ti bumina masing-masing, kayaning: pacul, arit, sapu, sareng nu sanésna.
Sakitu wawaran ti sim kuring salaku RT 03. hatur nuhun kana perhatosan ti warga sadayana.

(tina buku Sabasa 7A (Revisi) kaca 49 – 50)

Maca Carita Babad: KÉAN SANTANG

Pangajaran 4
Maca Carita Babad
Baca sarta lenyepan eusina ieu carita di handap!

KÉAN SANTANG

Kéan Santang téh putra Prabu Siliwangi anu katelah gagah tur sakti. Di Pajajaran, malah di Pulo Jawa teu aya hiji ogé jalma anu bisa nandingan kasakténna.
Dina hiji waktu Kéan Santang ngadeuheus ka ramana, unjuk-kan yén dirina hayang ningali getih sorangan. Hayang tarung ngadu jajatén, tapi teu aya nu bisa nandingan.
Ngadangu kasauran putrana kitu, Prabu Siliwangi geuwat baé nyauran para ahli nujum karajaan. Ménta bongbolongan, sugan aya jalma anu bisa nandingan kasaktén Kéan Santang. Ditanya kitu, para ahli nujum téh kabéhanana ngabigeu teu aya nu némbal. Ngan teu lila ujug-ujug aya aki-aki anu nyampeurkeun ka Kanjeng Prabu. Baca lebih lanjut

Ngarang tina Pangalaman: Nyieun Karangan

Pangajaran 3
Ngarang tina Pangalaman

Nyieun Karangan
Ngarang téh diajar nyusun kecap. Éta kecap téh ku urang disusun jadi kalimah. Anu pangpokona dina diajar ngarang, nyaéta diajar nyieun kalimah. Kumaha carana nyusun kecap sangkan jadi kalimah? Titénan ieu conto di handap, hiji kecap anu dimekarkeun jadi kalimah!
-    Gilang            (Subjék)
-    Gilang ulin        (S + Prédikat)
-    Gilang ulin ka Kebon Raya (S + P + K Tempat)
Upama hayang manjangan éta kalimah bisa ditambahan katerangan waktu (ilaharna sok ditulis di awal kalimah). Upamana kieu:
-    Basa poé Minggu, Gilang ulin ka Kebon Raya
Kalimah lulugu di luhur bisa jadi hiji paragraf lamun ditambahan ku kalimah séjén anu ngarojong atawa nguatkeun éta katerangan. Upamana kieu:
Ti dinya urang rék nyaritakeun naon deui? Ngarah teu bingung, saméméhna kudu nyieun rangkay karangan. Upamana kieu:
-    Inditna jam sabaraha, tumpak naon
-    Kaayaan di Kebon Raya basa urang jol; kaayaan di tempat ngajual karcis, para pdagang, jsb.
-    Kaayaan di Kebon Raya, taman, istana, museum, jsb.
-    Dahar, murak timbel
-    Balik deui ka imah
Pancén
Jieun hiji karangan opat atawa lima paragraf tina pangalaman kawas di luhur! Saméméhna jieun heula rangkay karanganana. Hal-hal anu bisa dijieun rangkay karangan, upamana baé:
-    Naon kajadianana/peristiwana
-    Iraha jeung di mana kajadianana
-    Saha anu ngalamanana
-    Kumaha runtuyan kajadianana

[tina  buku Sabasa 7A (Revisi) kaca 29 – 34]

Ngarang tina Pangalaman: Kémping di Curug Cilémbér

Pangajaran 3
Ngarang tina Pangalaman

3.    Karangan Déwi

Kémping di Curug Cilémbér

Geus lila kuring apal ka Curug Cilémbér téh. Kabeneran pisan minggu kamari aya paman ti Bandung. Paman kuring téh anggota Wanadri anu resep pisan aprak-aprakan ulin di leuweung.
Kuring tuluy kémping jeung paman. Resep geuning kémping di wanawisata Curug Cilémbér téh. Hawana seger pisan. Leuweungna alamiah kénéh. Tangkal pineusna jarangkung.
Kémping téh di curug tujuh. Curug anu pangluhurna, ceuk paman mah 40 métér cenah luhurna téh. Masang ténda téh di lokasi camping ground, teu jauh ti curug. Jadi di ténda katénjo curug téh, ngaguruh matak resep nénjona. Ngan hawana tiris pisan, mani nyecep kana awak téh.
Isukna kuring diajak tracking, mapay-mapay jalan satapak, ningalian curug anu séjénna. Sakabéhna aya tujuh Curug Cilémbér téh. Ngan anu sok ramé kadatangan ku wisatawan mah curug tujuh jeung curug lima. Di dua lokasi éta aya tempat kémping téh. Curug hiji mah jarang aya nu nyaba, da lokasina jauh pisan jaba cenah jalanna hésé.
Salian ti ningalian curug, kuring ulin ka Taman Kupu-kupu anu lokasina masih sabudeureun Curug Cilémbér. Resep pisan nempoan kukupu, loba sarta rupa-rupa jenisna. Éta kukupu téh dikembangbiak-keun dina laboratorium husus, dikurungan ku kawat. Cenah mah ka Taman Kupu-kupu téh sok loba mahasiswa anu ngayakeun penelitian. Ah, resep pisan lamun di buruan imah urang aya taman kukupu.

[tina  buku Sabasa 7A (Revisi) kaca 29 – 34]

Ngarang tina Pangalaman: Kembang Bangké

Pangajaran 3
Ngarang tina Pangalaman

2.    Karangan Réstu

Kembang Bangké

Kuring boga tatangga, ngaranna Bi Sopiah. Hiji waktu di buruan Bi Sopiah téh aya kajadian unik. Di handapeun tangkal cau, aya kembang anu bau pisan kaambeuna.
Tatangga Bi Sopiah tuluy raribut bari tinggorowok. “Kembang Bangké! Kembang Bangké!” cenah. Kuring gé harita tuluy lumpat, milo nongton.
Anéh pisan Kembang Bangké téh katénjona. Béda jeung kekembangan umumna. Daunna badag bari ngarampidak méh sagedé nyiru. Nu matak anéh deui mah kolopakna téh warnana beureum sarta wangunna kawas haté jelema.
Lantaran kaambeu bau téa, ku Bi Sopiah éta kembang bangké téh dirungkup ku pelastik. Tuluy disimpenan kotak duit. Jadi nu panasaran hayang nempo, kudu ngalungkeun duit récéh ka dinya. Mangkaning beuki loba warga anu panasaran hayang nempo téh. Méh sakabéh warga Kampung Ciginal jeung Caringin jul-jol daratang ka dinya.
Untung pisan, Bi Sopiah mah boga milik ngadak-ngadak. Lumayan wé, bau-bau ogé jadi boga duit.

[tina  buku Sabasa 7A (Revisi) kaca 29 – 34]

Ngarang tina Pangalaman: Ulin ka Taman Safari

Pangajaran 3
Ngarang tina Pangalaman

1.    Karangan Agung:

Ulin ka Taman Safari

Basa malem Minggu kamari kuring sakulawarga rékréasi ka Taman Safari. Inditna peuting, da ngahaja hayang terang “Safari Malam”, program anyar anu diayakeun ku Taman Safari Indonésia (TSI)
Resep pisan ka Taman Safari téh ari rékréasina peuting mah. Aturanana ogé rada ketat. Para pangunjung teu meunang naék kendaraan pribadi, tapi disadiakeun ku pihak Taman Safari, nyaéta beus husus paranti mawa pangunjung anu daratang ka dinya.
Kuring sakulawarga tepi ka ditu téh jam salapan. Saréréa naraék kana beus husus téa. Teu lila ogé beusna tuluy maju lalaunan, asup ka tempat-tempat satwa nu aya di Taman Safari. Karasa sepi pisan. Sora manuk sareng gaang nimbulkeun suasana serem.
Anu matak resep téh basa asup ka lokasi sato galak. Sieun bari saréréa tegang. Bisa aya kajadian nanaon. Nymawi barang beus tepi ka kandang maung téh saréréa jempé, nahan napas bakat ku sieun. Pemandu ti TSI tuluy-tuluyan nyorotkeun lampu sorot ka unggal tempat. Keur kitu, ari pecenghul téh aya maung gedé pisan. Lumpat nyampeurkeun ka hareupeun beus. Jep nu dina beus jempé! Saréréa ngadégdég nahan kasieun. Mangkaning éta maung téh siga nu galak, da disada ngagaur bari ngaronjangan kana kaca beus.
Untungna teu lila éta maung téh, tuluy asup deui ka leuweung.
Di tempat satwa nu séjén ogé sarua karasa sieun ari peuting kitu mah. Singa ogé serem pisan katénjona, panon hurung ari kasorot lampu téh. Beruang ogé sarua deuih matak sieun, da kawas nu liar jeung galak pisan katénjona, ngudagan kana mobil téh. Sakapeung nangtung bari calangap, kawas nyingsieunan. Lamun aya panumpang anu kaluar tina mobil, moal salah pasti dijejewét sakaligus.
Resep pisan milu ‘Safari Malam’ di TSI téh. Kuring boga pangalaman anu moal bisa kapopohokeun.

[tina  buku Sabasa 7A (Revisi) kaca 29 – 34]

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.