Ngaregepkeun Dongéng: Sireum jeung Gajah

Pangajaran 6
Ngaregepkeun Dongéng
Baca galantangkeun ku salah saurang di hareupeun kelas dongéng di handap!

Sireum jeung Gajah

Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana, ngaliwat kana alur jajalaneun gajah. Keur ramé ngarak, jol datang gajah. Sireum nu sakitu keur nakleukna téh, teu antaparah deui, leyé-leyé baé ditincakan, bongan cenah maké ngaliud di jajalaneun. Atuh lain ratus deui, tapi aya rébuna sireum anu paéh téh.
Barang raja sireum ningal baladna réa nu paéh, kacida ambekna, tuluy susumbar, “Éh Sakadang Gajah, sato nu telenges, nu teu boga ras-rasan ka papada mahluk, rasakeun pamales ti kami. Ulah adigung asa aing. Engké di Jumaah Kaliwon, urang perang tanding jeung kami!”
Walon gajah bari seuri, “Rék ngajago Sakadang Sireum téh? Lamun enyaan, hég ku kami didagoan! Di mana hayang perang téh?”
“Tuh di ditu, di handapeun tangkal waru nu itu, nu condong ka jalan!”
gancang, gajah nuluykeun deui lampahna. Ari raja sireum teu talangké deui, tuluy baé nabeuh tangara, ngumpulkeun kabéh baladna. Teu sabaraha lila, balad sireum téh geus nakleuk di tegalan.
Ceuk Raja sireum, “Éh balad kami kabéh! Di Jumaah Kaliwon kaula rék perang tnding jeung Sakadang Gajah, tuh handapeun tangkal waru nu itu! Ku sabab éta, kaula ménta ka aranjeun sakabéh ulah sisingeun, kudu pada digarawé. Saréréa kudu nyieun lombang sing gedé pikeun piruang. Nya palebah waru nu itu kudu nyieun piruang téh. Prak geura digarawé ti ayeuna. Tapi kadé jukutna mah ulah ruksak, kudu angger baé kawas ayeuna. Dikorowot ti jero baé, taneuhna engké sésakeun, tuh kira sakandel papan beunang Sakadang Manusa, ka luhurna mah.”
Balad sireum saur manuk, kabéh pada jangji rék pada suhud digarawé, sarta pada sanggup anggeus dina waktu tujuh poé.
Saomong balad sireun teu nyalahan, dina waktu tujuh poé piruang téh geus bérés. Ti luhurna teu katara, teu jiga piruang meueus-meueus acan, kawantu buatan par ahli nerus bumi.
Barang nepi kana waktuna, kana poé Jumaah Kaliwon téa, subuh kénéh Raja Sireum geus ngabedega sisi piruang beulah kulon, nyahareup ngétan. Saksi-saksi geus karumpul, nyaéta: Sakadang Peucang jeung Sakadang Monyét.
Wanci haneut moyan, jol Sakadang Gajah ti beulah wétan maju ka kulon, nyampeurkeun Raja Sireum.
Jauh kénéh ogé Raja Sireum geus celuk-celuk nangtang ka Sakadang Gajah, “Gancang ka dieu Sakadang Gajah, ieu sihung kami geus seukeut meunang ngasah tujuh poé tujuh peuting, geus sadia bakal maéhan sampéan. Lamun enya sampéan sakti, gancang geura rontok kami!”
Barang gajah ngadéngé panangtang Raja Sireum kitu, jol suruwuk baé narajang. Tapi cilaka, teu kungsi nepi, da awakna kaburu tigebrus mantén kana piruang, sukuna tipitek. Sakadang Gajah adug-adugan méakeun tanaga hayang kaluar tina piruang, tapi weléh teu bisa. Tungtungna béak tanaga ngajoprak teu bisa walakaya.
Ceuk raja Sireum ka balad-baladna, “pék ayeuna geura hanca ku aranjeun éta sato telenges téh!”
Balad sireum nu réana mangyuta-yuta, bareng narajang, napuk kana sakujur awak Sakadang Gajah. Gajah ripuh dicocoan ku sireum. “ampuuun…ampuuun!” Sakadang Gajah tulung-tulungan ménta ampun. Manéhna taluk tarima éléh, jeung jangji moal deui-deui ngaganggu ka bangsa sireum.
Ti dinya riwayatna, aya paribasa “Sireum ogé ditincak-tincak teuing mah sok ngalawan”. Atuh lamun aya nu suten, jempol anu jadi perlambang gajah, éléh ku cinggir anu jadi perlambang sireum

[tina buku Sabasa 1A (Revisi) kaca 56 – 58]
Pedaran
Unsur-unsur dongéng:
1) Téma = jejer utama atawa inti persoalan carita
2) Palaku = nu ngalalakon/inti persoalan carita (B. Ina. Pelaku)
3) Galur = runtuyan carita/kajadian (B. Ina. Alur)
4) Latar = tempat jeung waktu lumangsungna carita

4 Golongan Dongéng:
1) Parabel = nyaritakeun kahirupan jalma di masarakat atawa dina sajarahna. Conto: Prabu Siliwangi, Kéan Santang, Si Kabayan
2) Fabel = nyaritakeun kahirupan sasatoan. Conto: Kuya jeung Monyét, Peucang keuna ku Leugeut, Gagak jeung Anjing
3) Légénda (sasakala) = nyaritakeun asal-usul kajafian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan. Conto: Sasakala Arcadomas, Sasakala Gunung Tangkuban Tampomas, Mula Nagara Baduy, Sasakala Maung Sancang, Sasakala Paré.
4) Mite = nyaritakeun mahluk gaib, siluman atawa jurig. Conto: Kuntilanak, Munjung, Dirawu Kélong

Jawab pananya di handap !
1. Kajadian naon anu nyababkeun Raja sireun ambek ka Sakadang Gajah?
2. Naon anu dipigawé ku balad sireum pikeun ngalawan Sakadang Gajah?
3. Kumaha kajadianana sanggeus tepi kana waktuna perang tanding?
4. Naon témana dongéng “Sireum jeung Gajah” téh?
5. Ditilik tina eusina, kaasup kana golongan naon dongéng “Sireum jeung Gajah” téh?

About these ads

10 Komentar

  1. Nyuhungken dikintun dongeng-dongeng basa sunda kangge diskusi ka e-mail abdi. Haturnuhun

    • punten teu acan seueur koleksi seratan dogengna…
      pami buku mah aya… hehehe….

    • punten dongengna teu acan aya deui

      • aduh………….

  2. Nyuhungken dikintun dongeng-dongeng basa sunda kangge diskusi ka e-mail abdi. saenggalna. Haturnuhun

    • dongeng nu tos diketik ulang mah mung nu dina blog ieu. mangga dudutan
      wilujeng diskusi

  3. maaf saya g bisa bahasa sunda tp terimakasih telah membuat blog ini karena saya sedang ada tugas bahasa sunda tentang cerita fabe

    Hatur Nuhun Pisan

    • gpp, dengan mengumpulkan tugas artinya belajar
      selamat… datang lagi kalau ada tugas ya….

  4. trims atas blog ini krn saya ada tugas…

    • mudah-mudahan tidak karena tugas mampir ke blog ini, terima kasih


Comments RSS TrackBack Identifier URI

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.