Carita Pantun

Pangajaran 3

MACA (Maca Ngilo)

Baca sing gemet!

CARITA PANTUN

Carita pantun nyaéta carita Sunda buhun anu sok dipagelarkeun kalawan dipirig maké kacapi. Jalma anu magelarkeun carita pantun disebutna Tukang Pantung atawa Juru Pantun. Umumna umurna geus kolot sarta loba diantarana anu lolong

Ayeuna mah kasenian pantun téh geus méh tilem. Juru Pantun loba nu geus pangsiun tina profésina. Pangna kitu lantaran ayeuna mah geus langka anu nanggap. Sanajan kitu aya kénéh Juru Pantun anu ngeureuyeuh. Genténg-genténg ulah potong cenah, sataun sakali mah aya kénéh anu sok manggung, utamana dina acara ngaruat imah, ngaruat lembur, atawa dina réngsé panén.

Ti taun 50-an ka ditu mah kasenian pantun téh karasa tur katémbong majuna. Mangsa harita mah kacida dipikaresepna ku masarakat patani padésaan. Harita pantun raket patalina jeung tata kahirupan urang lembur. Juru pantun boga kalungguhan minangka juru panerang di masarakat, méh sarua jeung kalungguhan dalang wayang golék dina jaman ayeuna. Nu matak juru pantun mah kudu jalma anu ngawasa kaparigelan jeung miboga pangaweruh anu jembar.

Pantun téh hiji wangun kasenian titinggal karuhun urang. Béda jeung kasenian lianna, anu jadi lulugu dina pantun nyaéta karya sastrana anu mangrupa leunjeuran lalakon atawa carita. Lalakon anu turun tumurun nepi ka kiwari dina wujud lisan. Hanjakal ku generasi kiwari mah kurang dipikaresep lantaran meureun karasana geus tinggaleun jaman, henteu nyaritakeun kaayaan jaman kiwari. Padahal carita pantun téh pituin milik urang Sunda.

Magelarkeun carita pantun kudu dirojong ku sarana upacara, upamana nyadiakeun parukuyan jeung parawanten. Parukuyan téh tempat keur meuleum menyan, ari parawanten nyaéta wadah tempat sasajén, kayaning: kembang tujuh rupa, roko, eunteung, sisir, minyak, jsb.

Saméméh magelarkeun carita, juru pantun sok meuleum menyan heula, tuluy mapatkeun rajah pamuka dipirig maké kacapi. Eusina rajah nyaéta menta idin ka karuhun atawa para déwa ngarah anu mantun jeung anu nanggapna salamét. Réngsé ngarajah, kakara juru pantun ngalalakonkeun carita. Pagelaran pantun bisa tepi ka sapeuting atawa dua peuting jeput, lantaran umumna carita panjang.

Carita pantun umumna nyaritakeun Karajaan Pajajaran jeung Karajaan Galuh. Lamun lalakon geus tamat, sok dipungkas deui ku rajah, disebutna rajah pamunah atawa rajah panutup. Galur carita pantun umumna ngabogaan pola anu sarua, nyaéta: nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu keur néangan élmu pangaweruh, di satengahing jalan meunang cocoba, tepung jeung putri geulis, mulang deu ka karajaan sarta diangkat jadi raja. Carita pantun anu kawentar diantaran: Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya di Kusumah, Badak Pamalang, jeung Nyai Sumur Bandung.

(tina buku Sabasa 3A pikeun kelas 9 semester ganjil kaca 42 – 44)

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 3A (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran, Maret 2004.

Jawab Pananya di handap !

1. Naon nu dimaksud carita pantun téh?

2. Naon sababna kasenian pantun ayeuna geus méh tilem?

3. Sok ditanggap dina acara naon baé cenah kasenian pantun téh?

4. Dina taun 50-an mah kasenian pantun téh katémbong majuna, naon sababna?

5. Naon sababna seni pantun kurang dipikaresep ku generasi kiwari?

6. Terangkeun naon nu dimaksud parukuyan jeung parawanten téh!

7. Naon waé anu dipilampah ku juru pantuj saméméh magelarkeun carita pantun?

8. Kumaha umumna pola galur carita pantun téh? Sebutkeun deuih judul carita pantun anu kawentar!

About these ads

2 Komentar

  1. upami bade di ajar pa pantunan di daerah bandung di mana ? manawi uninga…

    • aduuh punten kirang terang. cobi taroskeun ka Sekolah Tinggi Karawitan
      wilujeng…


Comments RSS TrackBack Identifier URI

Berikan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.