Adat Kawinan Urang Sunda

Pangajaran 1

MACA (Maca Bedas)

Baca galantangkeun, sing merenah lentongna

ADAT KAWINAN URANG SUNDA

Urang Sunda mah tara poho kana adat kabiasaan. Tata-titi jeung paripolah téh salawasna didasaran ku adat anu geus maneuh. Kapan aya paribasana, urang Sunda mah tara lali ka purwadaksi, maksudna tara poho kana tali paranti atawa kabiasaan anu geus diwariskeun ku karuhun.

Salah sahiji tradisi anu dipiara tepi ka ayeuna nyaéta dina cara ngawinkeun. Upama urang Sunda aya nu rék ngawinkeun anakna, tara padu gapruk kitu baé. Aya prak-prakanana luyu jeung kailaharan. Jauh saméméh der upacara kawinan, sok aya acara ngalamar heula, ti dinya tuluy seserahan, sarta dipungkas ku akad nikah.

Ngalamar nyaéta nanyaan awéwé daék-henteuna dikawin ku lalaki nu mikarepna. Ilaharna pihak lalaki anu ngalamar téh tara sorangan, tapi dibarengan ku kolot lalaki jeung kulawargana. Kitu deui pihak awéwé anu ditanyaan, rempeg jeung kulawargana. Dina acara ngalamar, sanggeus paheut jinisna (awéwéna) daékeun, sok dituluykeun ku nangtukeun waktuna acara pernikahan, poé naon, tanggal sabaraha, jsb.

Dina waktu anu geus paheut ditangtukeun téa, pihak kulawarga calon pangantén lalaki datang ka kulawarga calon pangantén awéwé. Datangna bari barangbawa, mawa barang keur maskawin jeung pakéan kayaning baju, samping, jsb. Keur calon pangantén awéwé.

Calon pangantén lalaki tuluy disérénkeun ku kolotna atawa ku nu ngawakilanana ka pihak kulawarga calon pangantén awéwé sina ditikahkeun. Éta sababna ieu acara téh disebutna seserahan, nyaéta nyerahkeun atawa nyérénkeun calon pangantén lalaki téa.

Réngsé seserahan, kakara calon pangantén téh ditikahkeun ku kolotna calon pangantén awéwé di hareupeun naib jeung para saksi. Ieu acara disebutna akad nikah.

Réngsé akad nikah sok dituluykeun ku sungkem. Pangantén duanana sungkem ka ibu ramana, minangka tanda hormat ka indung bapa. Geus kitu pangantén sok didiukkeun di panyawéran (di buruan), tuluy disawér ku béas, konéng, jsb. Diawur-awurkeun ka lebah pangantén. Saméméh didiukkeun dina korsi pangantén, sok diayakeun heula acara buka pintu. Aya nu ngahariringkeun kidung, minangka perlambang, pangantén lalaki ménta idin rék asup ka kamar pangantén awéwé. Réngsé buka pintu, kakara pangantén sajodo didiukkeun dina korsi, pikeun narima pangwilujeng ti nu araya.

(Tina Buku Sabasa 3A pikeun kelas 9 semester ganjil kaca 11- 12)

Jawab Pananya di handap ieu!

1. Naon hartina paribasa tara lali ka purwadaksi téh?

2. Naon anu dimaksud ngalamar? Hal naon baé anu sok ditangtukeun dina ngalamar?

3. Ari nu disebut seserahan naon? Barang naon baé nu sok dibawa dina seseraha téeh?

4. Terangkeun deuih naon nu dimaksud akad nikah!

5. Ari nu dimaksud sawér pangantén naon?

6. Perlambang naon cenah buka pintu téh?

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 3a (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran, Maret 2004.

About these ads

2 Komentar

  1. Punten abdi hoyong conto protokol, anu nyerenkeun sareng anu nampi resepsi kawinan sunda nganggo basa sunda buhun,
    kintun ka alamat email abdi, diantos saenggalna, hatur nuhun tina sagala kasaeannana

    • kaleresan teu acan aya…


Comments RSS TrackBack Identifier URI

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.