TATAPAKAN, mangrupa pabukon ĕlĕktronik dina wangun kumpulan bahan ajar pikeun cecekelan boh murid boh guru dina ngalaksanakeun pembelajaran di sakola.
Pikeun anu tos lulus ti bangku sakola ĕtang-ĕtang pangĕmut-ngĕmut nalika nyukcruk pangaweruh di mangsa katukang.
Wilujeng….
Aya sababaraha bagian tema bahasan salian ti tatapakan; Nyaeta:
1. Tetekon
2. Kandaga Rasa
3. Geugeusan
November 17, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
November 15, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
Assal amu’ alaikum wr. wb.
Bapa miwah Ibu anu ku sim kuring dipihormat.
Sateuacanna sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung, anu parantos maparin kaséhatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah, ku jalaran ni’mat ti manten-Na pisan, dina danget ieu urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat dina raraga miéling ‘Hari Jadi KotaBogor anu ka….
Solawat miwah salam, urang sanggakeun ka Jungjunan urang sadaya, nabi ahir jaman anu parantos nuyun sakumna umat kana jalan kamulyaan, Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina para sohabatana kalih ka jalmi-jalmi soléh sapandeurieunana. Baca Lanjutannya…
Oktober 8, 2009
Kategori: Biantara . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
Pangajaran 9
Ngaregepkeun Pupujian
Pedaran
Pupujian téh wangun puisi anu ilaharna sok ditembangkeun di masjid saméméh solat pardu. Cara ngalagukeunana biasana sok béda-béda, kumaha kabiasaan di masing-masing wewengkon. Eusina umumna mangrupa pupujian ka Alloh atawa solawat ka Nabi.
Jawab pananya di handap ! Baca Lanjutannya…
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: & Komentar
Pangajaran 9
Ngaregepkeun Pupujian
Pupujian 3:
Anak Adam
Anak Adam anjeun di dunya ngumbara
umur anjeun di dunya téh moal lila
Anak Adam umur anjeun téh ngurangan
saban poé saban peuting dicontangan
Anak Adam paéh téh nyorangan
Cul anak salaki jeung babandaan Baca Lanjutannya…
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
Pangajaran 9
Ngaregepkeun Pupujian
Pupujian 2
Pupujian Kanjeng Nabi
Gusti urang sadayana
Kanjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qures nya bangsana
Baca Lanjutannya…
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
Pangajaran 9
Ngaregepkeun Pupujian
Pupujian 1:
Illahi lastu lil firdaus
Illahi lastu lil firdausi ahla
walal aqwa ‘ala naril jahimi
Fa habli taubatan wagfir dzunubi
fa innaka gofiru danbil ‘adzzimi
Héh Pangéran abdi sanés ahli surga
naging henteu kiat nandangan naraka
Mugi Gusti nampi kana tobat abdi
ngahapunten kana kalapatan diri
[tina buku Sabasa 1A (Revisi) kaca 77 – 80]
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
Pangajaran 8
Nulis Riwayat Hidup
Baca sarta tengetan riwayat hidup (Biografi) di handap ieu!
Pedaran
Riwayat hidup atawa biografi téh nyaéta riwayat atawa lalakon hirup hiji jalma dina wangun tulisan. Biografi bisa dibaca dina buku anu dicitak ku penerbit, nyaéta biografi nu ngarang éta buku. Ilaharna di tulis di kaca panungtung, ataw dina jilid bagian tukang. Salian tulisan ogé ilaharna sok diwuwuhan ku potrét. Baca Lanjutannya…
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
Pangajaran 8
Nulis Riwayat Hidup
Baca sarta tengetan riwayat hidup (Biografi) di handap ieu!
Biografi 2:
ENGKOS KOSWARA, lahir tanggal 20 Juni 1965, di Cisarua, Bogor. Lulus ti SMP taun 1981 henteu bisa nuluykeun sakola lantaran kolotna ripuh teu bogaeun biaya, sanajan kitu Pa Engkos henteu putus asa. Manéhna satékah polah mekarkeun bakatna nyaéta nyieun barang-barang karajinan pikeun cnderamata. Lain meunang sakola atawa kursus bisa nyieun barang karajinan téh, tapi ku kadaékna sorangan. Baca Lanjutannya…
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar
Pangajaran 8
Nulis Riwayat Hidup
Baca sarta tengetan riwayat hidup (Biografi) di handap ieu!
Biografi 1:
ALDA RIZMA ELFARIANI, LAHIR DI Bogor, 23 Nopémber 1982. putra cikal ti dalapan sadulur, ti pasangan Pa Farid Riza sareng Ibu Halimah.
Saméméh umur 17 taun, karir Alda dina dunia musik geus melesat sakaligus kawas météor. Lagu Aku Tak Biasa (1998) bisa kajual tepi ka 200 rébu kasét tur ngahasilkeun kauntungan milyaran rupia. Teu matak anéh upama ieu béntang penyanyi anyar téh indit ka mana-mana sok naék BMW, sarta nyicingan imah agréng nu hargana ratusan juta di komplék Perumahan Bogor Danau Raya Blok C3 No. 1 Bogor. Baca Lanjutannya…
Oktober 12, 2008
Kategori: Uncategorized . . Penulis: tatapakan . Komentar: Tinggalkan sebuah Komentar